-->
Raja Sadinten




R ék mungkas alam lalagasan gentos ka alam rimbitan
A sa ku teu puguh raraosan
J ajaka maheutkeun jangji ka wanoja ngalangkungan ijab qobulna..ti kawit
A yeuna salira nu maturan hirup kuring, pait amis pahang keuseud kahirupan urang

S angharapeun ku urang duaan,
A sa dinu pangimpian tiasa
D iaping ku para sepuh dianteur ku palawargi, ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-  
    ngembat nyatang pinang
I stuning bingah amarwata suta bingah kagigiri
N yatana cita-cita
T ibaheula tinekanan tiasa janten raja sadinteun
E ta nu cita-cita jajaka mun geus
N incak ka yuswa dua puluh lima….

LihatTutupKomentar

Recents Posts