R as emut ka laku lampah baheula
E nteung pikeun kahirupan ka hareupna
M ilampah dinu salah
B atin lumengis ku cipanaon tapi suwung ku pangkon
A ya gerentes na manah alit
Y a Alloh anu maha Mikaasih sareng Mikanyaah
K apayunen Nu Maha Gagah abdi nu leubeut ku dosa
U kur seja sujud pinuh ku rasa kaduhung pinuh ku rasa rumasa ampun Ya Alloh
C intana manteunNA ka makhlukna moal aya bandingannana
I stuning
S eja ngahampura iwal ti hiji dosa Nyaeta Ngapangeran ka Salian manteunNA
O mat etamah kedah di tebihan musyrik pingaraneunnana
C isoca ayeuna mudaha"an tiasa janten ngahapus kanu dosa-dosa kuring baheula mung ka
A njeun Ya Robb, seja ngagungkeun seja nyukuran seja mulangkeun sagala nikmat nu taya hinggana