-->
Khumairah..

K  awas anu saé raray wae simkuring
H  oyong ngahiji ngajatuk rami saréng khumairah
U  kur dina impian ukur dina lamunan
M  ung hiji kayakinan da jodo pati bagja cilaka mah
A  lloh swt anu ngaturna teu kudu meulang teu kudu sieun
I  ngsya Alloh tos dugi kawaktosna  mah moal  incah balilahan
R  akeut ngahiji ku janji anu suci
A  nu moal bisa diengke-engke deui, sanajan gunung jeung laut jadi
H  ahalangna, tos Pangeran Ngaridhoan

I  suk geto oge bakal laksana bébér layar tarik jangkar
M  aheutkeun tutursan kalbu
P  asti hirup sauyunan saikhwan satuhu Amiin.
mpian bakal ngawujud bari dibarengan ku ikhtiar jeung doa
A  h eta mah ukur kahoyong nu janten jalmi nu pinuh ku dosa, Alloh swt nu bakal
N  gajanteunkeun mudah”an aya dina GINANJAR KAWILUJENGAN.  
N  itenan geuningan kolot mah teu sagawayah ari masihan nami téh
A  yeuna mah urang talungktik naon hartina ngaran kuring téh:

G  ubrag ka alam dunya teu jangjang teu jingjing
wal ti  ngaligincing mun mawa
N  goceakna ieu sora ceurik tanda doa keur ka indung jeung bapa
A  yeuna geus saparapatna leuwih tina jatah dugi ka 63 taun
N  incak ka yuswa 23 taun di sasih payun mugi GUSTI nga
J  embarkeun haté abdi, gaduh jimat dina haté abdi sangkan emut waé ka 
   GUSTI Nu MAHA SUCI
A  sa teu karaos kumulendang di alam sandiwara
R  éa kabungah kasusah kasedih nu tos karandapan

M  ung hiji catetan nafakuran ka taun-taun ka tukang
A  h hanjakal teu nyuprih elmu pikeun beukeul aherat rawuh dunya, tapi
 lah meulang ulah hariwang ayeuna di tepangkeun jeung GURU MURYSID 
   anu Neuteupkeun hiji kalimat koncina SURGA nyaéta
L  AA ILAAHA ILL ALLAAH, nu kudu matri dina diri, nu kudu di pusti-pusti,
   nu bakal maturan dugi ka tutup diri
A  yeuna mah tinggal istiqomahna,
N  amung teu kitu wae dodoja mah tangtu bakal narembongan, 
   da ieu téh bumbu kahirupan sangkan
A  pal kana diri sing inget AGIN ka hiji papatah sepuh jeung hiji 
   tembang kameulang ieu:

Papatah Sepuh:
1. Ulah Nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang, nu caket geura raketan, nu deukeut geura deheusan, moal jauh tina wujud moal anggang tina awak, aya naon jeung aya saha? tina diri sorangan. cirina satangtung diri, pék geura panggihan diri anjeun téh, ku anjeun wéh sorangan, ulah waka nyaksian batur saksian heula diri sorangan.
2. Sing Daek nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu saré, ngajait kanu titeuleum, méré kanu daék, nyaangan kanu poekeun.
3. Sing Waspada permana tinggal.
4. Saban-saban robah mangsa ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok mineng kabandungan jelema, sanajan ngalamun salaput umur, kahayang patema-tema, karep heunteu reureuh-reureuh. dageuning nu bakal karasa mah anging kadar ti pangeran, manusa kadar rancana, kabul aya tinu Maha Agung, Laksana aya tinu Maha Kawasa.

Tembang Kameulang:
“SAHA DIRI”
Mungguh hirup tong lepas iman jeung takwa
Di dunya moal hirup lana geusan ingeut pangbalikan
Ti mana urang asalna ti mana wiwitanana
Ka mana jatining diri horeng ti Nu MAHA SUCI
Nu mawi sing ati-ati di pancen di alam rame
Talungtik ku ati suci urang téh na SAHA DIRI

Hirup teh kudu sing harti
Rumaksa badan sakujur
Raga taya pangawasa anging PANGEURSA MANTEUNA
Anging PANGEURSA MANTEUNA

Dayeuh Kadeudeuh,...


(Ginanjar Maulana)

LihatTutupKomentar

Recents Posts