I stuning datang ngaligincing
N yatana teu mekel baju salambar teu meukeul duit saperak
A sa teu karaos tos bade nincak ka saparapat abad
N itenan waktos kapengker kuring lahir ping 5 mei 1988
J am 2 wengi dinten kemis pas bulan rhomadon tepatna 18 romadhon 1411 H
A sup sakola tk taun 1992 dilajeung ka sakola Sdn Cikondang 1 dinu taun 1993
R ea pisan kalangkang baheula sawatara teuacan nincak kota, gumulung dilembur dugi ka kelas 6 SD
M ungguh lalakon hirup, alhamdulillah tiasa neraskeun ka SMPN 3 Sumedang taun 1999, teras
A sup ka SMA negeri 3 taun 2003, Alhmdulillah taun 2005 katampi di PGSD Kampus Sumedang
U kur doa sareng tiasa kasanggakeun kanggo pun bapa sareng pun biang anu tos rurumpaheun
L uat leueut kesang kanggo nyakolakeun kuring dugikeun ka janten sarjana, nuhun mamah apa
A yeuna tinggal kuring satekah polah rek mulang tarima kanu jadi indung bapa
N yatana sholat biruwalidiani lakonan unggal wanci. Ya Alloh pikaasih
A ranjeunna saperto maranteuna miasih abdi taya pegatna. Aamiin
Punteun rada kamana wae maklum.. hee..