Nyunda Nyantri Nyakola Nyeni

28 Januari 2012

T a t a r S u n d a


Ku kiwari mah, nerangkeun Tatar Sunda téh babari, da geus aya nu disebut peta. Mémang ari saenyana mah peta kiwari jeung peta bihari téh teu sarua, tapi tibatan nerangkeun teu puguh mah mending ku peta nu aya baé.


Baheula mah jalma téh saeutik kénéh. Jadi nu disebut nagara téh ngan diwatesan ku laut, wahangan gedé jeung leuweung gerot nu tara kasorang ku jalma. Ayana wates nagara di urang kawas kiwari mah, mimitina ti jaman urang Éropa ngajajah nagara-nagara Asia jeung Afrika. Nagara urang dijajah ku Walanda, diaranan Oost Indie (Hindia Timur), atawa Nederlands Indie (Hindia Belanda). Tapi saméméh diaranan kitu, basa urang Portugis mimiti ngalalana di wilayah urang, manéhnya nyatetkeun ngaran tempat-tempat nu didatangan ku inyana. Dina catetan éta pulo-pulo nu didatangan tur ditanya téh ngajawabna Sunda. Nya ku urang Portugis nu nyatetkeun hal éta, kapuloan ieu kabéh téh disebut Kapuloan Sunda. Lantaran pulo-pulo nu aya di lebah kulon mah pulona galedé, disebut Kapuloan Sunda Gedé. Ari pulo-pulo nu di lebah wétan mah laleutik, nya disebut Kapuloan Sunda Leutik. Tangtuna ogé ngaran-ngaran éta téh dina basa Portugis.

Ku urang Walanda ditarjamahkeun kana basa Walanda jadi Sunda Eilanden (kalupoan Sunda), nu diwangun ku Grote Sunda Eilanden jeung Kleine Sunda Eilanden.

Sunda Eilanden atawa Kapuloan Sunda ieu téh nya éta anu terusna boga ngaran Oost Indie (Hindia Timur), atawa Nederlands Indie (Hindia Belanda). Tapi ari ku ilmuwan Jerman mah dibéré ngaran Indo-nésos (Indo = Hindia, nésos = nusa, kapuloan, banua). Tina ngaran ieu jadi Indonésia.
Nu heureuy mah aya nu nulis indonesia ku pégon, jadi dibalikeun macana [ aiSeNoDni ], tina aksara ieu dibaca biasa ku cara latin [ieu SuNDa na]. Jadi maksudna mah Indonesia téh Sunda-Sunda kénéh.


Katerangan dina sajarah, nya éta waktu raja Tarumanaga diganti ku Sri Maharaja Tarusbawa Dharmawaskita Manunggaljaya Sunda Sambawa, nagara anu ngaran tadina Tarumanagara diganti jadi nagara Sunda. Kajadieun ieu téh tepatna dina poé Radite Pon (Ahad Pon), tanggal 09 suklapaksa, bulan Yésta (bulan ka 8), taun 591 Caka Sunda. Tanggal ieu téh sarua jeung tanggal 31 Oktober 695 Masehi Julian.


Jadi tanah anu bener-bener dicicingan ku urang Sunda mah, nu biasa disebut Tatar Sunda nya éta nu kiwari disebut Jawa Barat. Tapi basa Islam asup ka Tatar Sunda ieu, maranéhna ngarebut Cirebon, Banten jeung Sundakalapa (Jakarta kiwari) pikeun diislamkeun jadi bawahan karajaan Islam Demak. Sanggeus dijajah ku Walanda, (Nederlands Indie ti taun 1800 M, lain keur jaman V.O.C.)

Tatar Sunda téh jadi provintie West Java (propinsi Jawa Barat atawa propinsi Jawa Kulon), nu diwangun ku 5 karesidénan : Banten, Buitenzorg (Bogor), Batavia, Cirebon, Priangan.

Karesidénan Banten diwangun ku Kabupatén Sérang, Pandéglang jeung Lebak. Karesidénan Buitenzorg (Bogor) diwangun ku Kabupatén Buitenzorg (Bogor), Sukabumi jeung Cianjur. Karesidénan Batavia diwangun ku Kabupatén Tangerang, Batavia, Bekasi, Karawang, Purwakarta jeung Subang. Batavia mangrupa ibukota nagara. Karesidénan Cirebon diwangun ku Kabupatén Indramayu, Cirebon, Kuningan jeung Majalengka. Karesidénan Priangan diwangun ku Kabupatén Bandung, Sumedang, Garut, Tasik jeung Ciamis. Bandung aya Kabupatén jeung aya Gemeente. Jaman Jepang disebut Bandungsi.


Dina jaman peralihan, nya éta jaman RIS (Républik Indonésia Serikat), Tatar Sunda téh ngaranna Nagara Pasundan. Sanggeus RIS bubar, balik deui kana ngaran Jawa Barat nu sok disingket jadi Jabar.


Sanggeus Indonésia merdika, Batavia diganti jadi Jakarta tur dijadikeun DCI (Daerah Chusus Ibukota) nu jadi propinsi mandiri. Jadi ti harita aya perobahan. Karesidénan dieuweuhkeun, tinggal Kabupatén jeung Kotapraja. Kotapraja diganti jadi Kotamadya. Propinsi disebut DT-I (Daérah Tingkat I), Kabupatén jeung Kotamadya disebut DT-II (Daérah Tingkat II), Kacamatan disebut DT-III (Daérah Tingkat III), ti dinya terus ka Désa atawa Kalurahan. Lamun rék maké istilah DT jadi DT-IV. Terus ka RW (Rukun Warga), jadi DT-V. Ditutup ku RT (Rukun Tatangga), jadi DT-VI. Pusat jadi DT-0. Jadi jumlah tingkatan daérah téh aya 7, ti 0 nepi ka 6.


Ari jaman baheula mah, jalma nu pindah tempat ti tempat asalna disebut ngababakan. Malah istilah ngababakan téh ditambahan ku ngaran tempat asalna, upamana Babakan Ciamis nu aya di Kota Bandung, hartina urang Ciamis nu ngababakan di Bandung. Ngababakan téh hartina cicing pikeun sawatara waktu. Ari mimitina mah kecap ngababakan téh pikeun nu tatanén di tempat nu rada jauh, nepi ka kudu mondok. Jadi disebut ngababakan téh waktu ngagarap tanah nepi ka melakan terus ngoyos.

Tidinya anu tarani téh baralik deui ka lembur-lemburna, pikeun ngababakan deui engké dina waktuna panén nepi ka ngakut hasil tanén ka leuit jeung ka lembur.

Lamun nu henteu ngababakan mah hartina pindah tempat, pindah tampian. Upamana lantaran geus teu sanak teu baraya deui di lembur asalna. Komo nu boga pamajikan atawa salaki ti tempat séjén, loba nu parindah tempat, boh milu ka tempat salakina atawa milu ka tempat pamajikannana, saterusna jadi urang dinya.

Tapi najan pindah tempat ogé, tetep urang Sunda kénéh pikeun urang Sunda mah, Kitu deui pikeun urang lian, tetep jadi urang asalna. Nya ahirna lahir istilah pribumi, non-pribumi nu sok disingket jadi non-pri, jeung urang asing. Kecap ieu téh mimiti dipaké dina jaman Walanda, pribumi disebut inlander, non-pri disebut vreemde oosten, urang asing disebut vreemdelingen. Vreemde oosten maksudna urang Cina, India, Arab, Jepang, jst. Vreemdelingen mah maksudna ka urang Éropa.

Ku ayana pamisahan kieu téh jadi aya tilu tingkat atawa kelas. Pikeun urang Éropa jeung urang Jepang digolongkeun ka tingkat pangluhurna atawa kelas
1. Pikeun nu kaasup ka Vreemde oosten, digolongkeun ka tingkat tengah atawa kelas 2. Ari inlander mah tingkat panghandapna atawa kelas 3. Vreemde oosten jadi penghubung antara kelas 1 jeung kelas 3. Nu matak pribumi masing geus hirup di nagara merdika ogé tetep ditempat kelas 3. Anu jadi kelas 1-na nya éta para gegedén nu sikepna gumedé, ti jaman Sukarna nepi ka jaman Habibi. Sanggeus pindah ka jaman Gus Dur mimiti karasa aya perobahan, sabab kadaulatan geus pindah ka rahayat deui. Ayeuna keur diperjuangkeun robahna pamaréntahan bernegara. Keur néangan bentuk anyar nu leuwih merenah.


Sumber Tulisan
Share:

0 komentar:

Poskan Komentar

Popular Posts

Blog Archive

agin38. Diberdayakan oleh Blogger.

Waladia Bala Tamtama

Follow by Email

Download

Blogger Themes

Copyright © Ngenah Nyawa Betah Jasad | Powered by Blogger

Design by ThemePacific | Blogger Theme by NewBloggerThemes.com | Distributed By Blogger Templates20